WANDA KARANGAN

Karangan Deskripsi:
Deskripsi nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngebrehkeun kagiatan indra (panempo, panguping, pangrasa, panyabak, pangambeu) minangka hasil pangalamanana. Karangan deskripsi ngagambarkeun objek sajentre-jentrena.
Karangan Eksposisi:
Eksposisi nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngajentrekeun atawa nerangkeun hiji objek/kajadian, kumaha prosesna, tujuanana, pikeun ngajembarkeun pangaweruh hiji jalma, kumpulan jalma atawa organisasi/kelembagaan.
 Karangan Argumentasi:
Argumentasi nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngajentrekeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan nu kuat nepi ka jalma lian yakin tur percaya kana pamadegan anu disodorkeunana.
Karangan Narasi:
Narasi nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngebrehkeun lumangsungna peristiwa atawa kajadian, boh nyata, boh rekaan. Contona: dongeng, novel, carita pondok, biografi, sketsa, kaayaan hiji kajadian, jeung saterusna.

GUGURITAN

Harti Guguritan
   Guguritan asalna tina kecap gurit, tina basa Sansekerta ; Grath anu hartina nyusun karangan.Guguritan dina sastra sunda nyaeta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok ditulisna dumasar kana patokan pupuh.Kecap wangun didieu teh jadi ciri utama pikeun ngabedakeun guguritan jeung wawacan.

ESEY

Jernis/wanda karangang
http://prbasasunda.blogspot.co.id/


Karangan Éséy
            Naon anu di maksad éséy téh ?? anu di maksud éséy