WANDA KARANGAN

Karangan Deskripsi:
Deskripsi nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngebrehkeun kagiatan indra (panempo, panguping, pangrasa, panyabak, pangambeu) minangka hasil pangalamanana. Karangan deskripsi ngagambarkeun objek sajentre-jentrena.
Karangan Eksposisi:
Eksposisi nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngajentrekeun atawa nerangkeun hiji objek/kajadian, kumaha prosesna, tujuanana, pikeun ngajembarkeun pangaweruh hiji jalma, kumpulan jalma atawa organisasi/kelembagaan.
 Karangan Argumentasi:
Argumentasi nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngajentrekeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan nu kuat nepi ka jalma lian yakin tur percaya kana pamadegan anu disodorkeunana.
Karangan Narasi:
Narasi nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngebrehkeun lumangsungna peristiwa atawa kajadian, boh nyata, boh rekaan. Contona: dongeng, novel, carita pondok, biografi, sketsa, kaayaan hiji kajadian, jeung saterusna.

GUGURITAN

Harti Guguritan
   Guguritan asalna tina kecap gurit, tina basa Sansekerta ; Grath anu hartina nyusun karangan.Guguritan dina sastra sunda nyaeta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok ditulisna dumasar kana patokan pupuh.Kecap wangun didieu teh jadi ciri utama pikeun ngabedakeun guguritan jeung wawacan.

ESEY

Jernis/wanda karangang
http://prbasasunda.blogspot.co.id/


Karangan Éséy
            Naon anu di maksad éséy téh ?? anu di maksud éséy

Pidato-Biantara Paturay Tineung Wawakil Kelas XI

 BISMILLAHIRROHMAANIRROHIIM

Anu dipihormat, Bapa Pupuhu Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kota Sukabumi,
Anu dipihormat, Bapa Pupuhu Komite Sakola SMAN 2 Kota Sukabumi,
Anu dipihormat, Bapa pupuhu Sakola SMAN 2 Kota Suabumi,
Bapa sareng ibu guru SMAN 2 Kota Sukabumi nu kusim kuring dipihormat, 
Bapa sareng ibu para sepuh murid-murid anu kusim kuring dipihormat,
sadaya akang-tétéh kelas XII  anu ku simkuring dipikareureus tur dipiasih. 

Panumbu Catur

Panumbu catur nyaeta jalmi nu mawakeun narasi atawa informasi dina hiji acara atawa kagiatan, tiasa oge dina acara televisi, radio jeung film. Panumbu catur biasana maca naskah anu tos disiapkeun sateuacana, tapi sering oge aranjeuna kedah masihan komentar atawa informasi tanpa naskah.

BIANTARA

BIANTARA=PIDATO
Biantara nya éta nyarita hareupeun jalma loba pikeun maksud jeung tujuan nu tangtu. Nyarita dina biantara henteu bisa sagawayah,tapi kudu bisa nepi kana tujuan éta biantara. Pikeun nepi kana tujuan,diperlukeun cara-cara atawa-teknik nyarita nu hadé ka balaréa. Dian ieu hal urang wanoh ka nu disebut rétorika. Rétorika nya éta seni ngolah caritaan sangkan batur kataji atawa kapangaruhan ku caritaan urang.

ISTILAH TATANEN Lengkep

NGAGARAP SAWAH
Mlik Jarami = malikeun jarami sawah sawah anyar dipibuatan upama rek nyawah sataun dua kali atawa tilu kali
Nyambut = ngagarap sawah atawa ngawuluku
Ngawalajar = macul ngamimitian
Malik = malikeun taneuh anu geus dipacul mimiti
Mindo atawa Ngeprek =
Langkung lengkep klik alamat blog ieu di handap
http://sasieureun-sabeunyeureun-pikeun-sunda.blogspot.com/2012/08/istilah-tatanen.html

ISTILAH TATANEN

Pancen nyerat kanggo kelas XII IPA/IPS

*) Ayeuh : paré nu rarebah lantaran kahujanan, ku angin, atawa kabanjiran.

*) Babut : ngarabutan binih di pabinihan pikeun ditandur.
*) Bebegig : bobonekaan pikeun nyingsieunan manuk di sawah.
*) Beuneur : buah pare nu ngeusi.

TATA MAKNA

Pengertian
Tata makna manrupa widang elmu basa anu maluruh ngenaan harti kecap jeung parobahan harti kecap. Harti kecap ngawengku; (1) harti leksikal, (2) harti gramatikal, (3) harti denotatif, (4) harti konotatif, (5) harti sinonim, (6) harti antonim, (7) harti homonim, (8) harti hiponim, (9) harti poli semi.
Sedengkeun parobahan hati kecap ngawengku; (a) harti nu ngalegaan (generalisasi, (b) harti nu ngaheureutan (sfesipikasi), (c) harti nu ngaluhuran (ameliorasi), (d) harti nu ngahandapan (peyorasi), (e) harti nu matukeurkeun (sinestesia), jeung (f) harti kecap an ngumpamakeun (asosiasi).
2.1. Harti Kecap
2.1.1. Harti Leksikal
Harti leksikal nya éta harti kecap an sarua jeung harti an aya dina kamus. Harti leksikal bisa oge disebut harti kecap an can make rarangken (imbuhan). Conto:
-hujan = cai an turun ti langit (harti kamus)
-payung = alat pikeun nahan panas panon poe atawa cai hujan
-buku = alat pikeun nulis atawa maca an dibendel
conto kalimah:

PAGUNEMAN

Paguneman nya eta kagiatan nyarita nu mangrupa kalimah langsung sarta para palakuna silih tempas ngalakukeun tanya jawab ( sipatna dua arah ).
Hal-hal nu kudu diperhatikeun dina paguneman nya eta :
1. Lafal ( artikulasi bentesna sora nalika maguneman)
2. Lentong Kalimah ( kudu puguh entep seureuhna antara pesen jeung struktur kalimah nu digunakeun, sarta luhur handap jeung panjang pondokna sora pieun ngabedakeun fungsi kalimah)

KALIMAH ( dumasar fungsina )

A. Kalimah Wawaran
Kalimah wawaran nyaéta kalimah anu eusina ngawawarkeun méré béja ka nu lian tur miharep résponsi nu mangrupa panitén wungkul. Dina basa tulisan biasa ditungtungan ku peun (.), ari dina basa lisan boga lentong.
contona: Manéhna keur indit ka Jakarta. Sumuhun, leres ieu bumina Wa Haji mah.

DONGENG

DONGENG

Dongéng kaasup kana golongan carita anu parondok, sarta sok aya bagian anu pamohalan, upamana dina jalan caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana (Rusana, 1982:18).
James Danandjaya (1984:83) nétélakeun yén, dongéng téh nya éta carita prosa rakyat anu dianggap teu kungsi kajadian, dicaritakeun upama keur hiburan, sok sanajan réa ogé anu ngagambarkeun bebeneran, eusina pangajaran moral, atawa sisindiran.

KASUSASTRAAN SUNDA

KASUSASTRAAN
 WANGENAN KASUSASTRAAN
Kecap “kasusastraan” asalna tina: Su = alus, éndah. Jeung  ‘sastra’ anu hartina:
  1. Péso, atawa pakarang seukeut sabangsana (hususna nu dimaksud téh péso pangot, nya éta péso paragi nulis jaman baheula dina daun lontar)
  2. Tulisan atawa buku nu ditulis