KASUSASTRAAN
WANGENAN KASUSASTRAAN
Kecap “kasusastraan” asalna tina: Su = alus, éndah. Jeung ‘sastra’ anu hartina:
- Péso, atawa pakarang seukeut sabangsana (hususna nu dimaksud téh péso pangot, nya éta péso paragi nulis jaman baheula dina daun lontar)
- Tulisan atawa buku nu ditulis
Su-sastra = aksara/tulisan anu éndah.
kasusastraan = saniskara anu patali jeung susastra (kaéndahan basa)
Babagian kasenian téh aya lima rupa, nya éta:
- Seni Rupa (ngagambar, ngalukis, ngukir, natah, jsb)
- Seni Gerak (ngibing, ngaréog, penca, ujungan, jsb)
- Seni Sora (instrumental atawa vocal)
- Seni Sastra (sastra lancaran atawa prosa jeung sastra ugeran)
- Seni Drama (sandiwara, wayang, pilem, jsb)
SENI SASTRA
Seni sastra téh hiji kasenian anu ngahasilkeun su-sastra. Sakur anu aya patalina jeung susastra téh disebut kasusastraan téa.
Béda jeung hasil seni séjénna, anu karasa éndahna téh ku diténjo atawa didéngékeun, ari hasil seni sastra mah ku dilenyepan/dilenyepkeun.
Wujud hasil seni sastra, geus pasti dina wangun PUSTAKA, anu tegesna tulisan atawabacaan. Babakuna mangrupa; Roman, lalakon, dongéng, sajarah, jsb. Ngan, teu sakabéh pustaka kaasup kana kasusastraan (hasil seni sastra). Contona baé, buku-buku paélmuankayaning Élmu Bumi, Élmu Hayat, Élmu Sajarah, Élmu Pasti, kamus, énsiklopédi, jsb,teu kaasup kana kasusastraan.
Catétan,
Ngeunaan pustaka, aya dua istilah anu bisa waé patukeur ngahartikeunana:
- Perpustakaan = Kumpulan mangpirang-pirang pustaka (bacaan): Buku, Koran, majalah, jsb.
- Kapustakaan = Saniskara anu patali jeung urusan pustaka (ngeunaan pangarang, eusi buku, taun ditulisna, jsb)
.
Pangaruh Jaman Kana Sastra
Sakumaha ilaharna kasénian hirup jeung mekarna téh sok nurutkeun jaman, Kitu deui jeung seni sastra, teu luput tina pangaruh jamanna séwang-séwangan.
Upamana: Jaman Hindu. Pangaruh jaman Hindu kana kasusastraan, saperti wawacan atawa lalakon wayang (Wawacan Batara Rama jeung Mahabarata)
Jaman Islam. Upamana; Sajarah Ambia, Hikayat Séh Abdulkodir Al-Jaélani, Carita Amir Hamzah
Jaman Walanda. Katangén dina buku-buku hasil karya Rd. Haji Muhammad Musa, nepi ka hasil sastrawan 1956.
Catetan:
Patali jeung pangaruh-pangaruh jaman téa, dina sastra dibédakeun kana dua istilah:
- Sastra Klasik. Ngébréhkeun pangaruh-pangaruh jaman béh ditu, upamana: Carita Parahyangan, Carita-carita Pantun, Carita-carita Para Nabi, Mantra, jsb.
- Sastra Modérn. Upamana: Lain Éta, Pangéran Kornél, Budak Timu, jrrd.
Dina sastra modern, bisa jadi ari lalakonna mah kabaheulaan. Tapi, wangun atawa cara ngolahna téh nurutkeun jaman kaayeunakeun.
.
BAHAN JEUNG NGOLAHNA
Anu disebut ‘bahan’ sastra téh nya éta basa. Sedeng ngolahna disebut ngarang, nganggit, atawa ngaréka. Ngarang carita ( dina wangun su-sastra) mangrupa kagiatan ngolah kecap-kecap nu dijieun omongan atawa ungkara.
Istilahna: – Diréka, pikeun basa lancaran (prosa)
. - Dianggit atawa didangding, pikeun basa ugeran (puisi)
Ari sambung-sambungna ungkara rékaan téa disebutna iketan atawa rakitan.
Iketan omongan atawa rakitan ungkara nu diéndah-éndah téh disebutna rinékasastra(sastra anu diréka-réka atawa omongan anu diéndah-éndah)
Mindeng patukeur antara Rinékasastra jeung Rinékawacana. Ari Rinékawacana mah: kecap-kecap alus (pilihan) nu ngabogaan sifat arkais, ilaharna dina sastra Sunda mah biasa dicokot tina basa Kawi atawa Sanskerta.
Conto-conto rinékawacana:
Basa sapopoé Rinékawacana
Panonpoé = Bagaspati, Bagaskara (baskara), antakara, aruna, diwangkara (giwangkara)
Bulan = Candra, soma, badra, purnama.
Angin = Bayu, pawana, maruta.
Cai = Tirta, bayu, marta.
Gunung = Giri, ardi, arga, aldaka, ancala, parwata
Laut = Samudra, sagara, jaladri, udaya, udadi.
Awang-awang = Ambara, jomantara, gagana, wiati.
Seuneu = Agni, geni, dahana, latu.
Awéwé = Dyah, wanita, wanoja, pawéstri, istri.
Kasenian = Wiyasa
Pendidikan/atikan = Winaya
Conto Rinékasastra:
“Pasundan matak betah”, ku rinékasastra bisa jadi kieu: “Pasundan, kajugjug ti nu jauh, katéang ti nu anggang, matak betah matuh. Kawantu léndo tanahna matak subur cucukulan, katambah bageur pribumina, soméah bari daréhdéh”
Conto dina dangding, pikeun ngaréka maksud: “Sabada nyorang gunung jeung lebak, jol datang ka basisir”, ku rinékasastra bisa jadi: “Turun gunung unggah gunung, nyorang lebak nyukang pasir, ngaliwat kana bubulak, sampalan badak jeung sapi, jauh cunduk anggang datang, sumping damping ka basisir” (Kinanti: Panji Wulung)
-cutatan pribadi tina sawatara sumber-