WANDA KARANGAN

Karangan Deskripsi:
Deskripsi nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngebrehkeun kagiatan indra (panempo, panguping, pangrasa, panyabak, pangambeu) minangka hasil pangalamanana. Karangan deskripsi ngagambarkeun objek sajentre-jentrena.
Karangan Eksposisi:
Eksposisi nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngajentrekeun atawa nerangkeun hiji objek/kajadian, kumaha prosesna, tujuanana, pikeun ngajembarkeun pangaweruh hiji jalma, kumpulan jalma atawa organisasi/kelembagaan.
 Karangan Argumentasi:
Argumentasi nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngajentrekeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan nu kuat nepi ka jalma lian yakin tur percaya kana pamadegan anu disodorkeunana.
Karangan Narasi:
Narasi nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngebrehkeun lumangsungna peristiwa atawa kajadian, boh nyata, boh rekaan. Contona: dongeng, novel, carita pondok, biografi, sketsa, kaayaan hiji kajadian, jeung saterusna.

Conto Bacaan dicandak tina Tabloid Sunda Urang: Deskripsi
Barudak yatim nu asalna ti lima sakola di Bogor ngumpul di kampus IPB Dramaga Bogor pikeu jadi mahasiswa cilik IPB salila 3 jam dina poe Saptu, 23 Februari 2013.   Acara ieu dibere ngaran “Yatim Energik dan Sehat” (YES) anu mangrupakeun program Yayasan Yatim Mandiri anu rutin diayakeun unggal bulan.  Yayasan Yatim Mandiri nyaeta hiji yayasan/lembaga amil zakat nu husus dina ngurusanana barudak yatim piatu.  Yayasan nu kantor pusatna di Surabaya ieu mibanda 30 cabang anu aktip ngayakeun program-program kasehatan, pendidikan, jeung pemberdayaan ekonomi.   Katua Cabang Yayasan Yatim Mandiri Bogor, Agus Budiarto, ngajelaskeun yen acara YES ngahaja dilaksanakeun di kampus sangkan barudak yatim boga sumanget pikeun diajar kalayan giat sangkan bias ngahontal pendidikan  nepikeun ka jenjang perguruan tinggi.  Salian ti eta, acara YES oge diraranggeuyan ku acara panyuluhan kasehatan, pamariksaan kasehatan, sareng ngabagikeun kadaharan jeung inuman sehat.  Acara oge diranggeuy sareng caramah ngeunaan panyakit cacingeun ku dosen IPB, nyaeta Dr. Mira Dewi, M.Si.
Tanggepan tina Eusi Bacaan:
Bacaan anu judulna “Budak Yatim jadi Mahasiswa Cilik” nerangkeun hiji program anu dilaksanakeun ku Yayasan Yatim Mandiri nyaeta program YES.  Dina bacaan ieu dijentrekeun maksud jeung tujuanana ngayakeun kagiatan di kampus IPB.  Pangarang parantos ngedalkeun  kaayaan yayasan ieu sanajan sakilas, jadi anu bade diekspose ku pangarang nyaeta yayasan/lembaga ieu anu parantos gaduh cabang dimana-mana sareng rupi-rupi programnya dina widang kasehatan, pendidikan, sareng pemberdayaan masyarakat..  Hanjakalna, pangarang kirang seuseur ngadadarkeun hal ihwal anu sejenna ti yayasan.  Anu disorotna mung kajadian di kampus IPB wae.  Tujuanana memang tos dikedalkeun dina karangan ieu, tapi prosesna dugi ka palaksanaan program ieu henteu dijentrekeun
Conto Bacaan dicandak tina Tabloid Sunda Urang:
Pandan wangi/seungit (Pandanus amaryllifolius Roxb.) tumuwuh di wewengkon tropis sarta loba dipelak di palataran atawa di kebon.  Tutuwuhan ieu biasana aya di pasisir nepi ka wewengkon 500 m dpl, pepelakan ieu mangrupa perdu taunan anu luhurna 1-2 m, tangkalna buleud kalayan urut diuk daun, dadahanan, ngarayap, akar tunjang kaluar tina puhu tangkal sarta dahan.  Lambar daun ngawangun pita, ipis, lesang, tungtung seukeut, sisi rata, tulangan sajajar , panjang 40-80 cm, rubak 3-5 cm, cucukan temple dina indung tulang daun, bagian handap kelirna hejo.  Kembangna majemuk, wangun bongkol, kelirna bodas.  Buahna buah batu, ngagantung wangun bal, diameter 4-7,5 cm, dinding buah buluan jeung kelirna oranye. 
Pandang seungit sajaba minangka rempah-rempah oge dipake minangka bahan baku minyak seungit.  Daunna seungit lamun digacel atawa disiksik, mindeng dipake bahan panyedep, pawangi sarta bahan kelir hejo dina kadaharan olahan atawa jajanan.  Daun pandan anu disiksik oege tiasa dipake pikeu daun rampe atawa kembang tujuh rupa. 
Ngaran lokal pandan wangi:  pandan rampe, pandan seungit, pandan room, pandan seungit (Jawa);  seuke bangu, seuke musang, pandan jau, pandan bebau, pandan seungit, pandan musang (Sumatera); pondang, pondan, ponda, pondago (Sulawesi); kelamoni, hao moni, keker moni, ormon foni, pondak, pondaki, pudaka (Maluku); pandan arum (Bali); Bonak (NTT).
Pandan wangi tiasa oge dipake pikeun ubar, diantarana ubar pikeun buuk murudul, ngahideungkeun buuk ngaleungitkeun totombe, lemah sarap, teu napsu dahar, rematik, linu, jste.  Daun pandan ngandung alkaloida, saponin, flavonoida, tannin, polifenol sarta zat kelir.
Tanggepan tina Eusi Bacaan: Eksposisi
Bacaan anu judulna Pandan Wangi teh ngadadarkeun ciri-ciri obyek tina rupa tangkalna, daun, kembang, buah sareng ciri-ciri tangkal sajentrena.  Pangarangna oge tiasa masihan nami lokal ti sababaraha bahasa daerah di Indonesia.  Salian eta, pangarang oge ngadadarkeun mangpaatna tina pandan wangi ieu.  Cara pamakean pandan wangi oge dijentrekeun ku pangarangna, mung hanjakalna, si pangarang henteu ngajentrekeun kumaha cara ngabudidayakeun pepelakan ieu supados tiasa dipraktekkeun ku urang sadayana.

Conto Bacaan dicaondak tina Tabloid Sunda Urang:
“Ngarengsekeun Sosialisasi Penilaian Kinerja Guru” ngadadarkeun kajadian dina kagiatan nerapkeun standar kompetensi pikeun tanaga pangajar di Gugus Bojonggaling, Forum Kelompok Kerja Guru (KKG) Wilayah Bojonggaling, Kacamatan Bantargadung, Kabupaten Sukabumi.  Kagiatan ieu dilaksanakeun pikeun ningkatkeun kualitas profesionalisme para guru di Kacamatan Bantargadung.   Kagiatan ieu dilaksanakeun dumasar kana kayakinan yen guru teh jadi conto anu nangtukeun hasilna jeung pinterna hiji murid, guru jadi conto strategis dina ngawujudkeun pola piker jeung karakter pikeun sakabeh murid didikna.  Kulantaran kitu, panilaian kana kinerja guru kacida pisan pentingna pikeun diteruskeun tur ditingkatkeun pikeun ngawujudkeun guru anu leuwih professional jeung produktif.  Salah sahiji nara sumber dina kagiatan ieu, nyaeta Tati Sarwati, S.Pd, M.Si, ngajentrekeun argumentasina nyaeta,”Upami guruna mibanda tanggel-waler sareng kaparigelan nu sae, tos pasti muridna oge bakal janten murid nu sae.
Tanggepan tina Eusi Bacaan:
Bacaan anu judulna “Ngarengsekeun Sosialisasi Penilaian Kinerja Guru” ngajentrekeun alesan anu kuat pikeun nganilai kinerja para guru di Kacamatan Bantargadung.  Argumentasi nara sumber dumasar kana kayakinan yen guru gaduh tanggel-waler anu ageung pikeun kamajuan proses belajar-mengajar di sakola.  Memang leres upami guruna gaduh kompetensi nu sae, kinerja guru pasti sae tur tiasa ngamajukeun murid-muridna.  Tapi kompetensi guru ieu mung salah sahiji paktor anu ngadukung kana pangajaran.  Salian ti guru, oge aya paktor-paktor lianna anu ngadukung kana kamajuan proses belajar-mengajar di sakola, umpamana kurikulum anu sae,  fasilitas pendidikan, tingkat kesadaran masyarakat kana pendidikan, dukungan pamarentah, sareng sajabana ti eta.  Dina bacaan ieu, pangarangna mung ngadadarkeun salah sahiji dumasar argumentasi tina paktor kompetensi guru wae.  Aya saena upami didadarkeun oge paktor-paktor liana anu ngadukung kana perkembangan murid-murid di sakola.
Conto Bacaan dicandak tina Tabloid Sunda Urang:
SDN Malabar mangrupakeun panggabungan sakola antara SD Negeri Malabar 1 jeung SD Negeri Malabar 2 anu aya di Kecamatan Bogor Tengah  anu ayeuna diluluguan ke Hj. Siti Nuryani, S. Pd.  Dina wanci ayeuna muridna aya 400 urang anu kabagi kana 12 rombongan balajar sareng tanaga pangajarna aya 16 urang.  Sakola ieu tos kenging sababaraha prestasi diantawisna juara kahiji MTQ putra tingkat Kecamatan Bogor Tengah, juara lomba ngawarna gambar tingkat TK/SD, juara harapan kadua lomba lintas alam, juara katilu lomba estafet putra, juara kahiji bulutangkis putra UPDT Bogor Tengah Gugus VIII, sareng juara kahiji Futsal BKM terbuka.  Silian prestasi, sakola ieu oge getol ngajarkeun cara hirup sehat ka sadaya muridna sareng ngalaksanakeun ekstra kulikuler pramuka jeung pencaksilat anu ngalatih kamandirian sareng ngarojong perkembangan mental siswa.
Tanggepan tina Eusi Bacaan:
Bacaan anu judulna SDN Malabar geus ngajentrekeun perkawis kajadian anu lumangsung di sakola ieu, sateuacanna digabungkeun, sakola ieu tadina mangrupakeun dua sakola anu papisah, nyaeta SDN Malabar 1 jeung SDN Malabar 2.  Saparantosna digabung janten hiji sakola, nyaeta SDN Malabar, sakola ieu tiasa ngedalkeun rupi-rupi prestasi anu sae.   Panyerat karangan ieu parantos tiasa ngajentrekeun peristiwa anu parantos lumangsung di sakola ieu sanajan sakedik kateranganana, tapi pikeun anu maos karangan ieu  tiasa uninga perkawis kajadian anu parantos lumangsung di sakola ieu.
 Sumber