DONGENG
Dongéng kaasup kana
golongan carita anu parondok, sarta sok aya bagian anu pamohalan, upamana dina
jalan caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana (Rusana, 1982:18).
James Danandjaya
(1984:83) nétélakeun yén, dongéng téh nya éta carita prosa rakyat anu dianggap
teu kungsi kajadian, dicaritakeun upama keur hiburan, sok sanajan réa ogé anu
ngagambarkeun bebeneran, eusina pangajaran moral, atawa sisindiran.
Istilah-istilah anu
sinonim jeung dongéng dina sababaraha basa di dunya, nya éta fairy tales,
(carita peri), nursery tales (carita barudak), atawa wonder tales (carita
ajaib) dina bahasa Inggris; marchen tina bahasa Jerman; aeventyr dina bahasa
Denmark; snookje tina bahasa Walanda; siaosu tina bahasa Mandarin; satua tina
bahasa Bali jeung saterusna (ilikan Danandjaya, 1984:84).
Nurutkeun susunan
bahasana, dongéng kaasup kana wangun lancaran (prosa) tapi sakapeung-kapeungeun
sok diselang ku wangun ugeran (puisi) anu disebut kawih. Tina prakna
didongéngkeun wangun lancaran dicaritakeun, ari wangun ugeran sok dikawihkeun.
Dongéng biasana miboga
kalimah bubuka jeung panutup anu sipatna klise. Dina bahasa Inggris biasana sok
dimimitian ku kalimah bubuka: once upon a time, there lived a…..(dina hiji
waktu, hirup saurang……), jeung kalimah panutup……end happily ever after
(…..jeung maranehna hirup bagja salalawasna) (Danandjaya, 1984:84).
Hal séjéna anu raket
patalina jeung dongéng nya éta kasempetan dina ngadongéng. Dina ngadongéng mah
waktuna bébas pisan teu kauger ku aturan saperti dina carita pantun. Carita
pantun mah pagelaranana biasana sok dilaksanakeun sapeuting jeput, malah aya
sababaraha carita anu teu bisa sagawayah waktu dipintonkeun. Ieu hal téh raket
patalina jeung upacara nu sipatna sakral, saperti sukuran imah, mapag panén,
jeung sajabana. Tapi dina ngadongéng mah heunteu aya aturan waktu saperti kitu.
Dongéng bisa dicaritakeun iraha baé jeung dimana baé, teu kauger ku waktu jeung
situasi. Yus Rusyana jeung Amy Raksanagara dina hasil panalungtikanana (1976),
nétélakeun yén kasempetan ngadongéng téh bisa dilaksanakeun dina sababaraha
bagian, nya éta:
a. Pada waktu berkumpul banyak orang. Misalnya, pada pertemuan, pada
hari lebaran, pada waktu ada orang meninggal, pada waktu rapat désa, pada waktu
kedatangan pembesar;
b. Pada waktu mengobrol
antara dua orang atau lebih, tetapi tidak banyak orang. Cerita muncul dalam
obrolan pagi hari atau malam hari;
c. Pada waktu sedang bekerja atau dalam perjalanan;
d. Pada waktu ada orang bertanya asal-usul benda, nama tempat, dan
sejarah. (tina Rusyana 1981:49-50).
2. Warna Dongéng
Anu kacaritakeun
ngalalakon dina dongéng téh aya jalma, sasatoan tutuwuhan, mahluk lemes (gaib),
jeung sajabana ti éta.
Dina hiji dongéng, anu
ngalakona aya jalma pada jalma, atawa campuran jalma, aya sato, jeung aya
mahluk gaib. Upamana dina dongéng “Si Caang” nu aya dina Pariboga I, anu
ngalalakon téh aya jalma biasa saperti Si Caang jeung indungna, aya Praméswari,
raja, jste. Aya sasatoan anu mangrupa sato biasa saperti ucing jeung anjing,
ogé sato kajajadén, saperti oray jeung beurit bodas. Eta tokoh-tokoh sato téh
digambarkeun miboga sipat saperti manusa, bisa nyarita keung bisa mikir. Palaku
séjén na anu ngalalakon nya éta bangsa siluman, ti mimiti raja, praméswari,
putra raja, patih, nepi ka punggawa, anu ngageugeuh nagara Nusantara di dasar
lautan.
Kajadian anu kacatur
dina dongéng lamun diukur ku akal, aya nu bisa katarima ku akal jeung aya nu
heunteu atawa pamohalan. Anu ngalalakona ogé sok miboga sipat anu teu lumrah,
upamana bisa nerus bumi, bisa ngaleungit, sakti mandraguna, atawa miboga jimat
anu kacida saktina bisa nedunan sagala kahayang jeung paménta anu nyekelna.
Nilik kana eusi carita
jeung palakuna, dongéng bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Aya
dongéng jalma biasa, dongéng sasatoan, dongéng sasakala jeung dongéng anu
patali jeung mahluk gaib. Leuwih jentré bakal dipedar saperti ieu dihandap.
a. Dongéng anu
nyaritakeun kahirupan jalma biasa (parabel). Dongéng anu palakuna jalma biasa
dibédakeun dumasar kana luluhur (cikal bakal), pahlawan, pamingpin, manusa
biasa, jalma tukang heureuy, jeung sajabana.disawang tina pakasabanana bisa
dibédakeun, aya raja, putri, patih, ponggawa, kiai, tukang tani, tukang dagang,
tukang nyirib, jeung sajabana (Rusyana 1982:19).
Di Jawa Barat, carita
atawa dongéng-dongéng anu nyaritakeun jalma-jalma anu ngabela kapentingan
masarakat méh aya diunggal wewengkon. Eta carita téh, upamana nyaritakeun
kumaha nyanghareupan musuh atawa bancang pakewuh séjéna, nepi ka éta palaku
dianggap pahlawan. Sajaba ti éta aya deui anu nyaritakeun tokoh pamingpin, nya
éta jalma nu miboga kamampuan anu rohaka, sok sanajan teu miboga kasaktian,
tapi éta tokoh téh jadi pamingpin masarakatna. Aya deui palaku carita anu
mangrupa jalma biasa kalawan sagala kakurangan, jeung kaleuwihanana, sakumaha
ilaharna dina kahirupan sapopoé.
Palaku séjéna anu
mangrupa jalma dina kahirupan, nya éta jalma tukang heureuy saperti si Kabayan.
Anu jadi jejer dina ieu carita, nya éta kalucuan paripolah palakuna. Ogé aya
carita anu nyaritakeun kagagahan palakuna, jeung sajabana (bandingkeun Rusyana,
1981:20-21).
Conto dongéng anu
palakuna jalma biasa dongéng “Si Caang”, “Ki Hamid”, “Jaka garumaya”, jste.
b. Dongéng anu
nyaritakeun kahirupan sasatoan (fabel) dongéng anu palakuna sasatoan
paripolahna dicaritakeun kawas jelema upamana baé bisa nyarita jeung
ngagunakeun akal pikiran, tapi kalakuan sato anu ilaharna tetep aya. Sasatoan
anu dijadikeun palaku dina dongéng réa pisan, gumantung kana daérah atawa
nagara. Di Eropa (Walanda, Jerman, jeung Inggris) nya éta sato rubah (fox) anu
ngarana Reinard de Fox. Di Amerika Serikat palaku sato téh aya sababaraha rupa,
keur urang Negro nya éta kelenci anu ngaranna Brer Rabbit jeung pikeun urang Indian
Amerika (Amerindian) nya éta sato coyote ( sabangsa ajag), rubah, manuk gagak.
Jeung lancah. Ari di Filipina nya éta monyét, sedengkeun di Indonésia kaasup di
tatar sunda nya éta peucang. Sakadar conto ngeunaan dongéng sasatoan al
ancarana dongéng “Peucang jeung Maung”, “Kuya jeung Monyét”, jste.
c. Dongéng au
nyaritakeun asal-usul tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan (sasakala atawa
legenda) dongéng anu patali jeung asal-usul ngaran tempat, barang, jeung
sajabana ku James Danandjaya (1984:67-83) dibagi jadi opat golongan, nya éta:
- Legenda kaagamaan,
nyaritakeun legenda jalma-jalma suci atawa jalma soléh, saperti para wali,
syeh, jste.
- Legenda alam gaib,
nya éta carita anu dianggap bener kajadian sarta kaalaman ku salah saurang
masarakat. Tapi sabenerna mah deukeut kana hal-hal anu sipatna tahayul. Upamana
jalma anu geus maot, tapi kapanggih hirup deui.
- Legenda individu, nya
éta carita ngeunaan tokoh-tokoh anu dianggap ku masarakat atawa icu nu miboga
éta carita tokoh kasebut kungsi aya di kieuna. Upamana baé, tokoh Prabu
siliwangi, Eyang Surya Kancana.
d. Dongéng
anu nyaritakeun mahluk ciciptaan sabangsa jurig jeung siluman (mite) dongéng
alam goib sok aya nu dijieun minangka katerangan kana rupa-rupa
kajadian, saperti kajadian naon sababna pare di sawah beak ku beurit, naon
sababna aya sasalad jeung panyakit, jeung sajabana (Rusyana 1981:20). Numutkeun
James Danandjaya (1984:50) carita saperti kitu kaasup kana mite, nya éta
caritaan anu palakuna para dewa atawa mahluk satengah dewa. Mahluk gaib anu
jadi palaku téh miboga kaparigelan nyarita siga jelema, nepi ka bisa gunem
catur jeung manusa (Rusyana, 1981:22). Palaku dina carita saperti kieu biasana
miboga sipat anu husus, umpamana bisa ngarubah wujud, Sakti, kalawan miboga
sipat hadé jeung goréng contona dongéng kuntilanak, onom, munjung, ngipri,
jeung sajabana.