ISTILAH TATANEN

Pancen nyerat kanggo kelas XII IPA/IPS

*) Ayeuh : paré nu rarebah lantaran kahujanan, ku angin, atawa kabanjiran.

*) Babut : ngarabutan binih di pabinihan pikeun ditandur.
*) Bebegig : bobonekaan pikeun nyingsieunan manuk di sawah.
*) Beuneur : buah pare nu ngeusi.

*) Ngirik : ngaleyek pare supaya jadi bangsal.
*) Hapa : buah pare nu teu ngeusi (sabalikna tina beuneur).
*) Jarami : tangkal pare nu geus garing.
*) Kotakan : tempat melak pare.
*) Léndo : taneuh nu subur, alus pisan keur pepelakan.
*) Ngabaladah : ngamimitian ngagarap sawah.
*) Ngagaru : ngancurkeun taneuh sanggeus diwuluku, ditarik ku munding.
*) Ngagemuk : ngawurkeun pupuk.
*) Ngarambet : miceunan jujukutan dina sela-sela dapuran tangkal parè.
*) Ngawuluku : ngaguarkeun taneuh ku lanjam, biasana ditarik ku munding.
*) Nyaplak : ngagarisan sawah meunang ngawuluku, méméh dipelakan.
*) Nyiram : sesebutan kana paré nu meujeuhna beuneur héjo.
*) Pabinihan : tempat nyieun (ngipuk) pabinihan.
*) Panyawah : patani; nu ngurus sawah.
*) Sawah geledug : sawah tadah hujan nu caina sacukup-cukupna tina cai hujan.
*) Tandur : melakkeun binih paré di sawah.
*) Tebar : sebar, nyebarkeun paré (bangsal) di pabinihan.

Langkung lengkep "klik alamat blog ieu di handap"
http://sasieureun-sabeunyeureun-pikeun-sunda.blogspot.com/2012/08/istilah-tatanen.html