BIANTARA

BIANTARA=PIDATO
Biantara nya éta nyarita hareupeun jalma loba pikeun maksud jeung tujuan nu tangtu. Nyarita dina biantara henteu bisa sagawayah,tapi kudu bisa nepi kana tujuan éta biantara. Pikeun nepi kana tujuan,diperlukeun cara-cara atawa-teknik nyarita nu hadé ka balaréa. Dian ieu hal urang wanoh ka nu disebut rétorika. Rétorika nya éta seni ngolah caritaan sangkan batur kataji atawa kapangaruhan ku caritaan urang.


TUJUAN BIANTARA RUPA-RUPA DIANTARANA:
1.      Mangaruhan batur sangkan nurut kana kahayang nu pidato
2.      Méré informasi atawa warta
3.      Ngahibur

RUPA-RUPA BIANTARA DUMASAR KANA SIPATNA:
-          Pidato pembukaan,(Bubuka) sipatna muka hiji acara ku panata acara (MC)
-          Pidato pengarahan, (Pituduh hiji hal/kagiatan)sipatna ngarahkeun atawa méré pituduh pikeun lumangsungna hiji acara
-          Pidato sambutan, (Pangbagéa) sipatna ringkes pikeun nyambut biasana ku panata calagara,pamingpin, gegedén, inohong
-          Pidato peresmian, (ngaresmikeun) sipatna ngaresmikeun hiji acara ku jalma nu boga pangaruh atawa pamingpin, gegedén, inohong
-          Pidato pengtanggungjawaban, sipatna laporan kana hiji pancén/tugas


JENIS PIDATO DUMASAR KANA TATAHAR (PERSIAPAN) NU DILAKUKEUN SAMÉMÉHNA/METODE PIDATO:
1.      Improptu: dilakukeun ngadadak, tampa tatahar/persiapan
2.      Manuskrip: ngagunakeun naskah
3.      Memoriter: ngagunakeun naskah terus diapalkeun tug nepi ka katalar.
4.      Ekstemporan: ngagunakeun poko-poko bahasan (garis besar) eusi pidato

Dina biantara saméméhna tangtu kudu aya tatahar heula.Tatahar/persiapan biantara nya éta:
1.      Mikanyaho tingkat pangaweruh nu ngaregepkeun, sangkan kaharti tur diperhatikeun ku nu ngaregepkeun
2.      Mikanyaho waktu nu disadiakeun, sangkan bisa ngagunakeun waktu anu sacukupna ‘éféktif’
3.      Nyiapkeun kekecapan nu bisa kaharti jeung mincut/mikat, bisa ngagunakeun mamanis basa(babasan paribasa, sisindiran, purwakanti(persamaan bunyi), kalimah-kalimah Al-qur’an, hadis jsb,.)
4.      Mikanyaho téma acara jeung jenis pidato, eusi pidato nu ditepikeun kudu nyambung jeung téma acarana, jeung téhnik nu dipakéna sabisa-bisa sakumaha nu dipiharep ku panitia, pangajén, pamiarsa (teu ngérakeun)

RANGKAY/SKÉMA PIDATO:
-          Bubuka: salam pembuka, muji syukur, ngagero (menyapa) nu nongton
“Assalamu’alaikum wr, wb. “
“Sampurasun, wilujeng....” (enjing, siang, sonten, wengi)
“Puji sukur hayu urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci”

“Puja minangka bubuka carita hayu urang sanggakeun ka Allo Nu Maha Kawasa”
“Sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gopur,” jsb.
“Anu dipihormat pangersa bapa.../Ibu... kalih réngréngan”
“Kersana Bapa...Ibu...hormateun simkuring”
“Teu hilap kanggo réréncang, adi/lanceuk, tamu uleman,” jsb.
-          Eusi; medar jeung mekarkeun permasalahan atawa téma
-          Panutup: kacindekan,harepan, amanat, salam penutup.
sakitu anu kapihatur, bilih aya basa anu kirang merenah, pondok nyogok panjang nyugak, langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan, tutus langkung képang halang, kirang dingding kelir, mugia ageung cukup lumur, jembar hampura nu diteda, saninten buah saninten.....jsb.”

NGOMÉNTARAN NU BIANTARA
Biantara nu dianggap hadé téh diantarana, sorana kudu kadéngé ku anu ngaregepkeun. Hartina kudu bedas, jeung nuyun/ngagiring daék ngaregepkeun. Lentong (luhur handap-panjang pendékna sora) kudu merenah/pas, Sikep awak nandakeun sopan jeung luwes(lentur teu kaku), Pasemon/mimik éksprési beungeut anu némbongkeun kadariaan/serius hayang nepikeun maksud, Dangdanan papakéan anu digunakeun kudu sopan malah bisa némbongkeun téma biantara/acara

HAL NU DIPERHATIKEUN, DIAJEN/DITILEY DINA BIANTARA:
Basa (tatakrama basa, basa ilmiah),
Lentong(wirahma nyarita, struktur kalimah(tata kalimah, rasional, ngaguluyur/tersusun),
Kamampuh Ngawasa Eusi (wawasan ngeunaan materi/téma, tutas/tuntas, lengkep, kaharti, gembleng/lengkap, jsb),
sikep awak jeung réngkak/getur (luwes teu kaku, teu kaleuleuwihi)
dangdanan(rapih, sopan, luyu jeung téma)



Sasaran
Aspék

Kritéria

Basa
a. Lapal
Écés
b. Intonasi (lentong)
   (tekenan, jéda, wirahma)
Ngoncrang
c. Adegan basa
Baku
d. Pilihan kecap

Keuna
Eusi
a. Patalina eusi jeung jejer/judul/téma
Luyu
b. Ngamekarkeun eusi
Lengkap
c. Pamahaman kana eusi

Paham
Tékhik/gaya
a. Cara nyarita
Hadé
b. Pepeta
Merenah
c. Tangtungan

Sopan


Pancén = dangukeun hiji biantara(khutbah, ceramah, atawa pidato resmi acara) nu maké basa Sunda (ditulis)